Top Ad 728x90

Showing posts with label Sunda. Show all posts
Showing posts with label Sunda. Show all posts

Friday 8 November 2019

TERORIS URANG SUNDA CERITA ORANG SUNDA

by
TERORIS URANG SUNDA

Si Entis ditewak ku pulisi gara2 di sangka teroris, tuluy diasupkeun ka penjara.
Hiji waktu si Entis narima surat ti bapana :
"Tis bapa teh geus kolot, ayeuna tereh usum melak jagong deuih, maneh kalakah cicing di penjara, euweuh maneh mah moal aya nu mantuan bapa macul di kebon atuh..."

Si Entis ngabales surat:"Pa, kebon ulah waka dipaculan atawa dipelakan jagong. Soalna uing ngaruang sanjata jeung pelorna di kebon eta pa...."

Singhoreng, surat balesan ti si Entis ku petugas penjara disensor, atuh langsung dibéjakeun ka tim Densus.Isukna, datang sapeleton Densus ka imah bapana si Entis, teu loba omong deui langsung kabéh kebon dipaculan nepikeun sapoe jeput.

Sorena sanggeus tim Dénsus baralik,
bapa si Entis ngirim surat:"Tis tadi aya tim Densus cenah mah neangan bedil maneh nu di kebon, tapi teu kapanggih, bapa ayeuna kudu kumaha ???"

Si Entis ngabales suratna:"Pan Densus geus mangmaculkeun kebon bapa, sok ayeuna mah pelakkeun jagongna..."

Petugas rutan nu nyensor deui suratna langsung ngagoak, "Gélooo siah aing katipu ku si Entis, boro2 naek pangkat !!!!"

Wassalam..

Guyonan urang sunda ,nu ngartos pasti ngabarakatak aslinaaa daaa...sok mangga meh  puasa aya dina sumangetna aamiin

#Terorislainmuslim
#copasPunyaTetangga
#hahaha
#salam kopi hitam dicocol bagedud hui
Tertawalah sebelum tertawa itu dilarang.

"mohon maaf bila ada yang tersinggung ini hanya sekedar menghibur"

M.R.A

Sunday 14 January 2018

Carita sunda, dongeng orang sunda, kisahna orang sunda

by
Cerita sunda..
Dengan judul "lembur panyalahan"


Lembur panyalahan pernahna di wewengkon pamijahan kec.bantar kalong kab.tasikmalaya. pangna disebut lembur panyalahan teh cenah kulantaran salah sangka, teu asak jeujeuhan nu ngalantarken korbana hiji piaraan nu dipika meumeutna jadi korban tah kie dongengna.
Zaman baheula, dihiji lembur aya kulawarga patani nu hirupna ayem tentrem.eta kulawarga teh ngabogaan budak orok keneh dina hiji poe eta patani teh manggihan anak maung anu ditinggal keun paeh ku indungna.anak maung teh dirorok jeung dipikanyaah ku kulawarga patani teh sarta dingaranan"si loreng"
 Si loreng ngarasa kahutangan budi kupatani teh,mantak manehna nurut jeung taat ka kulawarga patani malah lamun dititah nungguan anak patani manehna sok nurut sarta satia saperti biasa pamajikan patani,nganteuran kasawah. Orokna ditunguan ku si loreng. Da teu dibawa kasawah,tepi kasawah dibageakeun ku salakina,terus gura-giru hanjat ka saung sarta am dahar pogot pisan,eureule teurab.
  "Alhamdulillah ,ambu meni nimat kieu tembel,sambel jeung goreng asin teh,
Ceuk patani teh.
Puguh we atuh akang pan meunang ngahaja" tembal pamajikan
Ari si utun sare.?? Cek patani
"Muhun keur mondok,meni tibra teh kang,ditungguan ku si loreng,,
Tembal pamajikan.
Barangkeur hoghag ngobrol,teu kanyahoan rongheap si loreng datang ngadeukeutan saung,buntutna di kupat kepot terus awakna diusap-usapkeun kana suku patani,sorana ngaremrem siga aya nu arek di bejakeun.patani heraneun ningali kalakuan si loreng kitu teh.manehna.
Kacida reuwasen nana barang nenjo sungut si loreng pinuh ku geutih."boa-boa si loreng teh geus ngahakan anak aing"",
Ceuk pikirna, ngan gantawang eta patani teh,eta patani nyarekan laklak dasar ka si loreng.
"Hey loreng,maneh geus wani-wani ngahianat ka aing,,maneh pasti geus ngahakan anak aingnya.??"
Si loreng kalaka mencrong,siga nu teu noga dosa,terus huluna gudag-gideg keun tina sungutna ngeclakan geutih seger.
Nenjo kitu pamajikan patani ceurik jejeuritan.bari nyarekan si loreng.
Awas siah loreng dasar sato siah nu asih di pulang sengit ku aing di rorok ti leuleutik ari ayeuna kalah ngahakan anak aing.tobat gussstii,kumaha teuing anak aing kaduhung..
Kaduhung...!
Ceuk pamajikan patani bari terus jejeuritan..
Nenjo pamajikan ceurik bari jejeuritan terus patani teh beuki ambekeunna,teu anta parah habek eta bedog teh di kadekkeun kana beuheung si loreng.si loreng ngageurung nahan nyeuri bari teu walakaya.panonna neuteup siga nu nganaha-naha.patani teh beuki ngagedur ambek nenjo si loreng teu paeh teh.ngan habek-habek beuheung si loreng di tigas deui ku bedog nepika hulu si loreng leupas tina awakna sarta paeh saharita.
"Modar siah dasar sato bangkawarah, teu beunang dipikanyaah,kalah Ngahakan anak aing" ceuk patani.
Patani jeung pamajikan nana,balik muru ka imah neangan anakna.barang tepi ka imah,anak masih keneh aya dina ayunan keur sare tibra,terus di pangku bari diciumaan,
 Bray orok teh beunta,belenyeh seuri neueup ka indung bapana.
"Alhamdulillah nyai,gening Anak urang teh salamet:, ceuk patani
"Enya akang ,syukur alhamdulilah masih di tantayungan keneh,"tembal pamajika .
Barang ret kahandapeun ayunan kasampak aya bangke oray nu sakitu geude na boborot ku geutih.patani jeung pamajikan nana kakarak sadar,yen si lorengteh geus nyalameutkeum anakna tina bahaya, nyaeta oray sakitu geudena,nya tiharita eta tempat di sebut lembur panyalahan.

Bye#ruslanafandi39

Top Ad 728x90